WELCOME

SELAMAT DATANG

Sunday, August 5, 2012

KANG iBiNG (ALMARHUM)"""""

"Allahumagfirlahu warhamhu waafihi wafuanhu" 
Profil singkat kang ibing
Nama lengkap: Raden Aang kusmayatna kusumadinata
Nama populer : Kang ibing
Tanggal lahir : 20 juni 1946
Tempat lahir: sumedang- JAWA BARAT
Wafat : Bandung , 19 agustus 2010

ibing kusuma yatna atau kasohorna kang ibing, ngaran aslinamah Raden Aang kusmayatna kusumadinata lahir di sumedang ping 20 juli 1946. Ngantunkeun diRS.Al-Islam di jl.sukarno hata bandung ping 19 agustus 2010. Putra ti Raden Suyatna kusumahdinata jeung Raden kusdiyah.
 Satamatna ti SMA nuluykeun ka jurusan bahasa rusia  Fakultas sastra UNPAD nepi kalulus jadi sarjana muda.
   Nalika mahasiswa kungsi jadi pupuhu kesenian daya mahasiswa sunda, DAMAS, penasihat departemen kesenian UNPAD, sarta jadi asisten dosen fakultas sastra.
                                                                            
  Taun 1986, diBandung loba radio swasta niaga seperti radio mara27, Kang ibing ngamimitian jalan karirna didinya salaku nu sok siaran radio sarta nu ngokolakeun acara obrolan rineh, bodor tapi pinuh ku kritik dina radio mara. Kalawan lentong sundana nu has mawakeun acara nu ngaler ngidul kumaha karep jadi hiji hal anu unik tur dipikaresep ku masyarakat.
  bareng jeung aom Kusman , suryana patah, wawa softyan, sarta ujang nyieun grup lawak "deKabayan" (1970-an). Taun 1975 jadi tokoh utama dina pilem SIKABAYAN kalawan produserna Tuty Suprapto. Tuluy maen pilem-pilem liana kayaning "Ateng The God Father"(1976), "Apanya Donk"(1985),"Sikabayan dan Gadis modern"(1990), "Bang Kojak"(1977), "Boss Carmad"(1990), "Komar Si Glen Kemon Mudik" (1990), "Warisan Terlarang"(1990), jeung "Disana Senang Disini Senang"(1990). 
Sumber: http://su.wikipedia.org/wiki/Ibing_kusmayatna


No comments:

Post a Comment